peribahasa sunda berawalan huruf K

Share:
Kabeungbeurat dada : Tanggung jawab

Kabawa ku sakaba-kaba : Kapangaruhan atawa kabawakeun ku batur nu teu pati eucreng

Kabedil langit kabentar gelap : Kalinglap ; pangling

Ka cai jadi saleuwi ka darat jadi salogak : Runtut raut ; rukun

Kacanir bangban : Meunang kaera ; mendapatkan malu

Kaceluk ka awun awun : Kamashur ; Mashur, Sangat terkenal

Kaciwit kulit kabawa daging : Kabawa goreng ku kalakuan baraya anu salah ; ikut terbawa karena keburukan teman.

Kajeun kendor dapon ngagembol : Kajeun lila asal hasil

Kapiring leutik : Kaisinan ; mendapat malu

Katempuhan buntut maung : Ngagantian kasusah batur

Katuliskeun jurig : Asal heureuy jadi enyaan

Kawas anjing jeung ucing : Sok parasea bae

Kawas bangkong katuruban batok : Bodo ; bodoh, sangat bodoh

Kawas beusi atah beuleum : Rupana geuneuk bakat ku ambek ; Raut wajah yang sangat marah.

Kawas gang katincak : Ngadadak simpe sapada harita.

Peribahasa Sunda Berawalan Huruf K dan Artinya Lengkap

Kawas gula jeung peueut : Silih asih

Kawas jogjog mondok : Recok-cekcok.

Kawas nu dipupul bayu : taya tangan pangawasa.

Kebo mulih pakandangan : balik ka lembur sorangan sabada lila ngumbara.

Kokolot begog : ngomong teu merenah kawas kolot.

Kokoro manggih mudlud, puasa manggih lebaran : kokomoan, barang dahar, makmak.

Kokoro nyoso malarat rosa : Jelema nu kacida malaratna.

Kulak canggem bagja awak : Milik hade atawa goreng geus ditangtukeun ku Gusti nu Maha Suci.

Kurang jeujeuhan : Kurang itungan ; kurang berhati-hati atau kurang perhitungan.

Kurang saeundan : Rada gelo.

Kuru cileuh kentel peujit : TIrakat; ngurangan sare jeung dahar lantaran aya nu dimaksud.


Demikianlah peribahasa sunda berawalan huruf K

Tidak ada komentar